Sony Xperia Z1 Compact - Kunaon abdi butuh akun Google™‎?

background image

Kunaon abdi butuh akun Google™?

Alat Xperia™ ti Sony Anjeun dijalankeun dina platform Android™ nu dikembangkeun ku

Google™. Loba aplikasi jeung ladenan Google™ nu disadiakuen dina alat Anjeun basa

Anjeun meuli eta alat, contona, aplikasi Gmail™, Google Maps™, YouTube™, jeung Play

Store™, toko online nu mere Anjeun wasa ka toko online Google Play™ pikeun

ngundeur aplikasi Android™. Pikeun tiasa make ladenan ieu sacara maksimal, Anjeun

butuh akun Google™. Contona, Anjeun kudu gaduh akun Google™ upami hoyong:

Ngundeur tur masang aplikasi ti Google Play™.

Nyingkronkeun surelek, kontak, sareng almenak nganggo Gmail™.

Ngobrol jeung babaturan make aplikasi Hangouts™.

Nyinkronkeun riwayat kotektak sareng tetengger Anjeun make pangotektak web Google

Chrome™.

Ngidentipikasi diri Anjeun sabage pamake nu berhak saatos ngalakukeun perbaikan

software make Xperia™ Companion.

Ti jarak jauh, manggihan, ngonci, mupus alat nu leungit atawa dipaok make ladenan my

Xperia™ atawa Manajer Alat Android™.
Kanggo inpo nu lainna tentang Android™ sareng Google™, buka

http://support.google.com

.

Penting pisan kanggo Anjeun inget ngaran nu make sareng kecap akses akun Google™

Anjeun. Di sababaraha situasi, Anjeun bisa jadi kudu ngidentipikasi diri Anjeun sorangan

kanggo alesan kaamanan make akun Google™ Anjeun. Upami Anjeun gagal merek ngaran nu

make sareng kecap akses Google™ Anjeun dina situasi ieu, alat Anjeun bakal dikonci. Salain

eta, upami Anjeun gaduh leuwih ti hiji akun Google™, pastikeun pikeun nuliskeun wincik

kanggo akun nu sasuai.

Jang nyetel akun Google™ dina alat Anjeun

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Akun > Tambahkeun akun > Google.

3

Tuturkeun wizard ngadaptar jang nyieun akun Google™, atawa asup lamun

anjeun geus boga akun.

Anjeun oge bisa asup atawa nyieun akun Google™ ti panungtun setelan pas mimiti

ngahurungkeun alat Anjeun. Atawa buka internet terus jieun akun di

www.google.com/accounts

.