Sony Xperia Z1 Compact - Neang alat nu leungit

background image

Neang alat nu leungit

Lamun Anjeun boga akun Google™, laden web “Tangtayungan ku my Xperia” bisa

mantuan Anjeun manggihan jeung ngamankeun alat Anjeun lamun alat na leungit. Lamun

Anjeun geus ngaktipkeun ladenan ieu dina alat Anjeun atawa dina

myxperia.sonymobile.com

, Anjeun bisa:

Manggihan alat ajeun dina peta.

Ngahurungkeun tanda sora sanajan alat aya dina modeu jempe.

Ngonci alat ti jarak jauh.

Mupus memori internal jeung eksternal alat Anjeun ti jarak jauh, sabage jalan terahir.

Ladenan “Tangtayungan ku my Xperia” bisa wae teu sadia di kabeh nagara/kawasan.

Jang ngaktipkeun ladenan Tangtayungan ku my Xperia dina alat Anjeun

1

Pastikeun Anjeun boga koneksi data aktip.

2

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Ditangtayungan ku my Xperia >

Aktipkeun.

4

Lamun Anjeun kakara ngaaktipkeun ladenan, cirian kotak centang jang satuju

kana sarat jeung katangtuan pikeun make ladenan Tangtayungan ku my Xperia,

terus ketok

Tampa.

5

Upami ditaros, asup kana akun Google™ Anjeun, atawa jieun akun anyar lamun

Anjeun teu boga.

6

Aktipkeun laden lokasi dina alat Anjeun lamun pungsi ieu acan diaktipkeun.

Jang mariksa yen ladenan Tangtayungan ku my Xperia bisa manggih alat Anjeun saenggeus

Anjeun ngaaktipkeun ladenan ieu, buka

myxperia.sonymobile.com

terus asup make akun

Google™ nu tos diset dina alat Anjeun.

Lamun Anjeun make alat jeung sababaraha pamake, perlu diperhatoskeun yen ladenan

Tangtayungan ku my Xperia ngan sadia jang pamake nu asup sabage nu bogana.