Sony Xperia Z1 Compact - Nganggo alat Anjeun dina kaayaan baseuh jeung pinuh kebul

background image

Nganggo alat Anjeun dina kaayaan baseuh jeung pinuh kebul

Pikeun mastikeun katahanan cai alat anjeun, sadaya panutup, kaasup panutup liang USB

mikro, slot kartu SIM jeung slot kartu memori, kudu ditutup sing rapet.

Alat pinter anjeun teh tahan cai jeung kebul, matuh kana katangtuan peringkat Ingress

Protection (IP) IP55 jeung IP58, tingali dina wincik di handapeun ieu. Pikeun nempo inpo

IP nu leuwih husus ngeunaan alat Anjeun, buka

www.sonymobile.com/global-en/legal/

testresults/

tur klik ngaran alat nu relevan.

Angka IP ieu hartina yen alat anjeun ditangtayungan tina kebul tur ditangtayungan tina

aliran cai tekanan handap, oge tina epek kakeueum dina cai (salain cai laut) salila 30

menit nepi kajeroan 1,5 meter.
Anjeun bisa make alat anjeun:

Dinu lingkungan nu kebul, misalna di pantei nu gede angin.

basa ramo baseuh.

dinu kondisi cuaca parah, misalna pas hujan gede atawa salju.

dina cai (salain cai laut) nu jerona 1,5 meter atawa kurang, misalna di situ atawa

walungan.

di kolam renang nu aya klorin.
Sanajan alat anjeun tahan cai jeung kebul, anjeun tetep kudu nyingkir ti lingkungan anu

loba teuing kebulna, keusikna, lumpurna, atawa ti lingkungan anu lembab tur suhu anu

parah luhur atawa handapna. Katahanan cai ti liang USB mikro, slot kartu SIM, slot kartu

memori sareng jek headset teu dijamin dina sadaya lingkungan atawa kaayaan.
Ulah pernah ngeueum alat anjeun di cai asin atawa ngidinan port USB mikro atawa jack

headset kontak sareng cai asin. Contona, lamun keur di pantei, ulah poho ngajaga alat

sing jauh ti cai laut. Oge ulah pernah mawa alat anjeun ngadeukeutan cai bahan kimia.

Contona, lamun ngumbah wadah make leungeun jeung cairan diterjen, kade ulah

142

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

nepikeun alat anjeun keuna kana diterjen eta. Sanggeus beunang kana cai asin, kumbah

alat anjeun ku cai biasa.
Pamakean normal sareng paleupasan nu nyieun ruksak ka alat anjeun bisa ngurangan

kamampuanana pikeun nahan kebul atawa lembab. Sanggeus make alat dinu cai,

garingkeun bagean dinu panutup, kaasup liang USB mikro, slot kartu SIM, jeung slot

kartu memori.
Lamun speaker jeung mikropon baseuh, pungsina bakal kapangaruhan nepikeun ka bisa

bener-bener garing. Perlu dicatet yen wanci pengeringan tiasa dugi tilu tabuh,

gumantung dina lingkungan. Ku kituna anjeun bisa make pitur sejen dina alat nu teu

make speaker atawa mikropon. Sadaya asesoris nu cocog, kaasup batre, carjer, alat

handsfree, kabel mikro USB, heunteu tahan cai atawa kebul.
Haransi henteu ngawengku karuksakan atawa cacad anu jalaran ku panyalahgunaan

atawa pamakean nu teu bener tina alat anjeun (kaasup dipake di lingkungan nu wawates

Peringkat IP nu cocog kaliwatan). Upami anjeun gaduh patarosan nu leuwih wincik

ngeunaan pamakean produk, baca ladenan rojongan Langganan kami pikeun

meunangkeun pitulung. Pikeun inpo haransi, baca

Inpo penting

nu bisa diakses tinu

panungtun setelan di alat anjeun.